CARPON BULAN WANCI  
Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, 
kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja 
gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema 
ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun 
téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, 
lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta 
tangkal samoja.
Indit téh éstuning taya kereteg ti 
méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi 
acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris 
maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti 
lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus 
saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.
“Hayu atuh!” pokna.“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.
“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”
“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”
“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna
 ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing 
loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah 
natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”
“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”
“Saha baé nu milu téh?”
“Loba. Geus taruluy batur mah!”
Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah,
 henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani ngabebereg, henteu méré 
pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu 
maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di 
lembur.
“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté  sajeroning  leumpang.
Nepi ka palabuan, enya baé geus 
ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah 
wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, 
katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu
 keur nyawang pikahareupeun.
Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka 
mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus ngajugrug di basisir. 
Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.
“Geus kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.
“Hayu atuh urang indit ayeuna!”
Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa 
Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep 
ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih naker. 
Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh,   geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.
Basa hatong kapal disada, asa aya nu 
ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung 
baris diteundeun, biheung kasampeur deui.
Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina
 dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu téh? Saenyana, éta 
pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya 
waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai
 laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.
Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur 
ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut 
saméter. Kawas nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup harigu. Sorot 
panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.
Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri.  Gancangna teuing  sakumaha, geus teu karasa.
Pa Érté ngajanteng pisan gigireun 
kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya téh 
Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte 
gancang ditoél.
“Pa, rék kamana urang téh?”“Engké ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.
Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé 
lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku 
sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.
Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca 
ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui.
 Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu 
angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, 
napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina 
jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu 
matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun 
sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé?
 Saha nu ngurusna?
Kituna mah, aya alesan maranéhna indit 
ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh 
kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh 
hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka 
maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.
Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay 
jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring 
neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa manéhna 
keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna 
bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. 
Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih 
kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka 
kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté 
hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. 
Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti 
golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering 
jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.
“Hésé geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa  Érté harita,  hareupeun Pa Lebé.“Cék kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.
Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng  ogé alatan  inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.
Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot 
ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu 
ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh inget
 ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina 
dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si 
Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng
 nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi 
jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna 
dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – 
cék Pa Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.
“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga.
 Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!” kadéngé Pa Olot 
gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu 
pangjerona.
Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna 
mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng.
 Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan. Murag kana dék 
kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana. Tur
 kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin
 désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari 
kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun 
bulan hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna 
sorangan, lain hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang,
 ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit 
jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun 
pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?
Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi 
sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, 
kuring téh hayang nanya kitu.
“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi 
kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. 
Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?” 
pokna.
“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu.
 Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipaké 
hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara tangkal 
samoja!”
“Lain, aya kénéh sajaba ti éta,”
“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna  angger, teu  riuk-riuk, teu némbongkeun robahna semu.
“Pikiran baé ku sorangan!”Lebeng. Henteu kapikir.
Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua,
 sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, 
nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.
Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu 
sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan 
tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – 
tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu 
kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. 
Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga 
deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu 
hayang diajar ngaji.
Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa
 Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. 
Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan éta-étana 
anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun 
tapak-lacakna.
Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab 
lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék kapal téh arasup ka jero. 
Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun, ngan asa
 betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki 
pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka 
mana.
***
Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. 
Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rék dijugjug. 
Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari 
lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng 
Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit 
ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig 
diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. 
Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti 
harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha 
senangna di alas peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna 
geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal 
pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus kebon sawit.
Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup 
kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. 
Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug 
kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.
Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet 
henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék dituju. Kalah ka 
patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana 
anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék 
nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh 
kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar 
marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, 
patingcakakak sangeunahna.
Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah 
matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu
 katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud. 
Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
Kapal téh terus nyemprung meulah 
jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik. Ngan anéhna, geus
 mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal 
lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina 
séwang-séwangan.
“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi  ditanya  ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.
“Ku naon Pa Olot?”Henteu ngajawab.
Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa  Kuwu mah.  Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.
Kapal angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.
Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan.
 Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring 
bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. 
Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya 
sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu ceurik.
Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna
 ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi patinggorowok 
patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.
“Hayang balik deui. Gancang balik deui!” pokna.
Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi
 malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik 
deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu 
tinggaleun.
“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal 
bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung 
ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara 
ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas 
ngajanteng.
“Saha anjeun?”“Pangeusi ieu kapal!”
“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”
“Pédah wé, katémbongna siga nu bingung!”
“Naha anjeun henteu milu ceurik?”
“Naon nu perlu diceungceurikan?”
“Itu geuning batur mah …”
“Enya, maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu tinggaleun di ditu!”
“Kabéh aya nu tinggaleun?”
“Enya!”
“Kaasup kuring?”
“Bisa jadi!”
“Ké, ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”
“Engké ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.
Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu  gogorowokan beuki  tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.
“Hayang balik deui!” cenah. Enya, 
dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah 
sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.
Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang 
dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina 
dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana
 kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak. 
Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa 
kénéh neuteup bulan nu beuki pias …***
 
Tidak ada komentar:
Posting Komentar